Diberdayakan oleh Blogger.
RSS

ISTILAH PANCAKAKI



Pancakaki téh nya éta pernahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya kénéh.
a.  Rundayan atawa turunan
-          Anak, nya éta turunan kahiji
-          Incu, nya éta turunan kadua atawa anakna anak
-          Buyut, nya éta anak incu
-          Bao, nya éta anakna buyut
-          Janggawaréng/ canggahwaréng, nya éta anakna bao
-          Kaitsiwur, nya éta anak janggawaréng
-          Sékésélér, nya eta anakna kaitsiwur

b.   Ka luhur
-          Bapa, nya éta lalakianu boga anak, salaki indung
-          Indung, nya éta awéwé nu boga anak, pamajikan bapa
-          Aki,  nya éta bapana indung atawa bapa
-          Buyut, nya éta bapa/indungna aki atawa nini
-          Bao, nya éta indung/bapana buyut
-          Janggawaréng, nya éta indung/bapana bao
-          Kaitsiwur, nya éta indung/bapana janggawaréng

c.   Ka gigir
-          Adi, nya éta dulur sahandapeun
-          Lanceuk, nya éta dulur saluhureun
-          Emang/paman, nya éta adina bapa atawa indung (lalaki)
-          Bibi, nya éta awéwé adina bapa atawa indung
-          Ua, nya éta lanceukna bapa atawa indung
-          Alo, nya éta anak lanceuk
-          Toa, nya éta anak adi
-          Kapiadi, nya éta anakna emang atawa bibi
-          Kapilanceuk,nya éta anakna ua
-          Incu ti gigir, nya éta incuna adi
-          Aki ti gigir,nya éta lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini
-          Nini ti gigir, nya éta awéwé, adina atawa lanceukna aki/nini
-          Ua ti gigir, nya éta anakna lanceuk aki/nini
-          Emang ti gigir, nya éta anak adi aki/nini (lalaki)
-          Bibi ti gigir, nya éta awéwé, anakna adi aki/nini

d.  Istilah séjénna
-          Adi beuteung, nya éta adina pamajikan/salaki
-          Dulur sabrayna, nya éta dulur misan, anak paman, bibi, atawa ua
-          Dulur teges, nya éta dulurenya saindung sabapa
-          Indung téré, nya éta pamajikan bapa, tapi lain nu ngalahirkeun urang
-          Bapa téré, nya éta salaki indung, tapi lain anu ngalantarankeun urang lahir
-          Anak téré, nya éta anak sampakan ti salaki atawa rubiah
-          Dulur patétéréan, nya éta anak indung téré atawa anak bapa téré
-          Cikal, nya éta anak panggedena
-          Pangais bungsu, nya éta lanceukna bungsu
-          Bungsu, nya éta anak pangleutikna
-          Baraya laér, nya éta baraya anu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna
-          Teu hir teu walahir, nya éta teu baraya saeutik-eutik acan
-          Bau-bau sinduk, nya éta baraya kénéh, sanajan geus jauh
-          Dulur pet ku hinis, nya éta dulur teges
-          Baraya, nyaéta sakur nu aya pakuat-pakaitna pancakaki
-          Karuhun, nya éta luluhur,jalma-jalma nu kungsi aya lila heulaan urang, nu ngarundaykeun urang

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS
Read User's Comments0

MIWANOH KECAP KANTETAN



Kecap kantétan nya éta kecap anu di wangu kucara ngantétkeun dua wangun dasar, boh cakal jeung cakal, boh kecap jeung kecap, atawa campuran duanana, sarta ngandung hiji harti mandiri. Proses ngawangun kecap kantétan disebut ngantétkeun (komposisi). Kecap kantétan boga duaciri utama nya éta ciri adegan (struktur) jeung ciri harti (sematis)
A.     Kecap kantétan umuna miboga adegan, diantarana :
1.       Diwangun ku dua unsur nu disebut leksem : pakan kundang
2.       Patali unsur-unsurna mibanda sifat
-          Katanseselan, nya éta unsur-unsurna teu bisa diseselan ku unsur lian.
Conto : ngégél curug ngégél (kana curuk)
-          Katanmulangan, nya éta unsur-unsurna teu bisa dibalikkeun sabab sok robah jadi frasa.
Conto : gede hulu hulu gede
-          Katanjembaran, nya éta unsur-unsurna teu bisa dijembaran sewang-sewangan tapi kudu duanana.
Conto : huleng jentul panghuleng jentulna, panghulengna jentul, huleng pangjentulna.
B.      Kecap kantétan umumna ngandung hiji harti mandiri nya éta harti anu beda tina harti unsur-unsur pangwangunna. Conto : Amis budi, hartina lain budina anu amis tapi ‘marahmay/someah’
Kecap kantétan dibedakeun jadi dua rupa, nya éta rakitan dalit (kompositum) jeung rakitan anggang (areksi)
1.       Rakitan dalit
Nya éta kecap kantétan anu sifatna eksosentris, patali unsur-unsurnageus awor pisan nepi ka bener-bener mangrupa hiji kecap nu boga harti mandiri nu beda harti ti unsur-unsurna. Ku kituna distribusina teu sarua jeung salasahiji atawa sakabéh unsurna.
Conto : panonpoe, kacapiring, parahulu,jsb
2.       Rakitan anggang
Nya éta kecap kantétananu sifatna endosentris, patali unsur-unsurna can awor pisa, harti éta kecap kantétan masih katitén tina unsur-unsurna. Ku kituna, distribusina sok sarua jeung salasahiji atawa sakabéh unsurna.
Conto : seuri koneng, taleus ateul, indung bapa, jeung panon hideung.

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS
Read User's Comments0

Ngaran wanci



  • Janari gede : waktu saméméh janari leutik, kira-kira jam 01.00-03.00
  • Janari leutik : waktu saméméh subuh, kira-kira jam 03.30-04.30
  • Balébat : waktu pajar geus udat-udat belah wétan
  • Carangcang tihang : geus liwat pajar, waktu téténjoan masih remeng-remeng, kira-kira jam 05.00
  • Haneut moyan : waktu keur ngeunah-ngeunahna dipaké moyan, kira-kiratabuh tujuh 07.00-08.30
  • Rumangsang : panon poé geus karasa panas, kira-kira tabuh 09.00
  • Pecat sawed : waktu munding magawé d sawah diudar sawedna, kira-kirajam 10.00
  • Manceran / mentarangan : panon poé aya luhureun sirah, lohor kira-kira jam 12.00
  • Wanci lingsir ngulon : waktu panon poé geus mimiti ngagésér ka beulah kulon, kir-kirajam 13.00
  • Wanci panon poé satangtung : kira-kirajam 15.00
  • Tunggang gunung : waktu panon poé geus mimiti surup, dina luhureun gunung, kira-kirajam 16.00-17.00
  • Sariak layung : waktu layung anu ciri-cirina cahya panon poé di langit geus katenjo burahay beureum, kira-kira jam 17.00-18.00
  • Sareupna: waktu geus mimiti reup poék, kira-kirrajam 18.30
  • Sareureuh budak : waktu budak leutik geus carapéeun ulin jeung ngaji, kira-kira jam 20.00
  • Tengah peuting (jemplang-jempling) : waktu tengah peuting jam 24.00

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS
Read User's Comments0