Diberdayakan oleh Blogger.
RSS

Kontroversial basa sunda



Ieu carita simkuring nu hirup dibandung  tapi mun nyarita, batur mah teu ngalartieun. Ma’lum basa majalengka mah katelah ku anehna, mahiwal, jeung oge teu saluyu jeung  tata basa sunda nu bener, lantaran daerah sunda wetan (majalengka, kuningan ) mah geus rada kapangaruhan ku basa jawa cirebon. Basa sunda nu di pake sapopoe na oge loloba namah basa sunda kasar.
Hiji poe kuring ngomong, ‘katarik ngomong teh ngarah ka kuping’ barudak mah kalah nyeungseurikeun kuring sabab ceuk maraneh na mah harti nu di omongkeun ku kuring  teh nya eta ‘kabetot ngomong teh ngarah ka kuping’.  Orang sunda wetan (majalengka,kuningan) ngahartikeun preposisi ka- didinya teh ‘mangka’, jadi lamun mangka tarik (ka tarik), mangka  bener (ka bener), beda deui  jeung preposisi ka dina ‘kabawa/katincak’  preposisi ka-  didinya nunjukeun milampah anu teu sengaja. Sakudu namah ulah ngomong ka tarik  atawa ka bener  tapi sing tarik jeung sing bener .
Tapi di majalengka ‘sing/masing’ teh di hartikeun bisi. Contoh : ulah kadinya sing dicarek. Sing di dinya teh hartina bisi,ulah kadinya bisi di carek. Eta sababna urang majalengka atawa kuningan loba make preposisi ka tibatan sing.  Jadi bisa di simpulkeun sawangan kuring salaku urang majalengka :D, lamun Preposisi ka di tambah kecap gawe jadi hartina milpamah nu teu sengaja misal : gelas nu dihandapeun meja teh ka tajong ku si udin => ka+tajong jadi ka tajong (teu sengaja) ,, lamun ka di tambah kecap sipat jadi mangka/sing misal : dangdan na ka geulis ngarah loba nu bogoheun => ka+geulis jadi ka geulis (mangka).
Rea keneh basa-basa majalengka anu teu dipikawanoh ku urang sunda liana, biasana mah sok beda istilah. Da hartina  mah kitu-kitu keneh. Tapi sakapeung sok aya kecap-kecap anu salah panempatan nya misalna kecap ongkoh, oge, dewek, jsb.

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

0 komentar:

Posting Komentar