Diberdayakan oleh Blogger.
RSS

ISTILAH PANCAKAKI



Pancakaki téh nya éta pernahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya kénéh.
a.  Rundayan atawa turunan
-          Anak, nya éta turunan kahiji
-          Incu, nya éta turunan kadua atawa anakna anak
-          Buyut, nya éta anak incu
-          Bao, nya éta anakna buyut
-          Janggawaréng/ canggahwaréng, nya éta anakna bao
-          Kaitsiwur, nya éta anak janggawaréng
-          Sékésélér, nya eta anakna kaitsiwur

b.   Ka luhur
-          Bapa, nya éta lalakianu boga anak, salaki indung
-          Indung, nya éta awéwé nu boga anak, pamajikan bapa
-          Aki,  nya éta bapana indung atawa bapa
-          Buyut, nya éta bapa/indungna aki atawa nini
-          Bao, nya éta indung/bapana buyut
-          Janggawaréng, nya éta indung/bapana bao
-          Kaitsiwur, nya éta indung/bapana janggawaréng

c.   Ka gigir
-          Adi, nya éta dulur sahandapeun
-          Lanceuk, nya éta dulur saluhureun
-          Emang/paman, nya éta adina bapa atawa indung (lalaki)
-          Bibi, nya éta awéwé adina bapa atawa indung
-          Ua, nya éta lanceukna bapa atawa indung
-          Alo, nya éta anak lanceuk
-          Toa, nya éta anak adi
-          Kapiadi, nya éta anakna emang atawa bibi
-          Kapilanceuk,nya éta anakna ua
-          Incu ti gigir, nya éta incuna adi
-          Aki ti gigir,nya éta lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini
-          Nini ti gigir, nya éta awéwé, adina atawa lanceukna aki/nini
-          Ua ti gigir, nya éta anakna lanceuk aki/nini
-          Emang ti gigir, nya éta anak adi aki/nini (lalaki)
-          Bibi ti gigir, nya éta awéwé, anakna adi aki/nini

d.  Istilah séjénna
-          Adi beuteung, nya éta adina pamajikan/salaki
-          Dulur sabrayna, nya éta dulur misan, anak paman, bibi, atawa ua
-          Dulur teges, nya éta dulurenya saindung sabapa
-          Indung téré, nya éta pamajikan bapa, tapi lain nu ngalahirkeun urang
-          Bapa téré, nya éta salaki indung, tapi lain anu ngalantarankeun urang lahir
-          Anak téré, nya éta anak sampakan ti salaki atawa rubiah
-          Dulur patétéréan, nya éta anak indung téré atawa anak bapa téré
-          Cikal, nya éta anak panggedena
-          Pangais bungsu, nya éta lanceukna bungsu
-          Bungsu, nya éta anak pangleutikna
-          Baraya laér, nya éta baraya anu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna
-          Teu hir teu walahir, nya éta teu baraya saeutik-eutik acan
-          Bau-bau sinduk, nya éta baraya kénéh, sanajan geus jauh
-          Dulur pet ku hinis, nya éta dulur teges
-          Baraya, nyaéta sakur nu aya pakuat-pakaitna pancakaki
-          Karuhun, nya éta luluhur,jalma-jalma nu kungsi aya lila heulaan urang, nu ngarundaykeun urang

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

0 komentar:

Posting Komentar