Diberdayakan oleh Blogger.
RSS

makalah filsafat kulon abad pertengahan


BAB II
EUSI
FILSAFAT KULON ABAD PERTENGAHAN

Filsafat Yunani ngalaman kajayaan jeung hasil nu alus, nya éta ngalahirkeun peradaban Yunani. Numutkeun sawangan sajarah filsafat ngedalkeun yén peradaban Yunani mangrupa titik tolak peradaban manusa di dunya. Saterusna nya éta warisan peradaban Yunani pindah ka kawasaan Romawi, Romawi némbongkeun kakawasaanana népi ka Eropa (Bertania). Teu katinggaleun ogé pamikiran filsafat Yunani kabawa. Hal ieu disababkeun ayana peran Caesar Augustus anu nyiptakeun mangsa kajayaan kasustraan latén, kasenian jeung arsitektur Romawi.
Sanggeus  filsafat Yunani nepi ka Eropa, di ditu menangkeun lahan anyar dina kamekaranana. Kusabab bareng jeung agama Kristen, filsafat Yunani berintegrasi agama Kristen nepi ka ngabentuk hiji formulasi anyar. Ku kituna, aya filsafat Eropa anu sabenerna éta téh penjelmaan tina filsafat Yunani sanggeus berintegrasi jeung agama Kristen.
Dina mangsa kamekaran filsafat Eropa ( kira-kira salila 5 abad ) acan némbongkeun ahli mikir (filsuf), tapi sanggeus abad ka-6 M, kakara aya ahli mikir anu ngayakeun  panalungtikan filsafat. Jadi, filsafat Eropa téh anu ngamimitian ayana filsafat kulon abad pertengahan.
Kakuatan pangaruh antara filsafat Yunani jeung agama Kristen dianggap saimbang. Saupama teu saimbang pangaruhna, moal mungkin berintegrasi ngabentuk formula anyar. Sanajan agama Kristen relatif loba nu anyar kaayanana tapi dina jaman harita aya anggapan anu sarua jeung filsafat Yunani atawa agama Kristen. Anggapan anu kahiji, yén Tuhan turun ka bumi (dunya) mawa kabar hadé pikeun umat manusa. Kabar alus éta mangrupa firman Tuhan anu dianggap sumber kawijakan anu sampurna jeung sajati. Anggapan anu kadua sok sanajan jalma-jalma loba nu mikawanoh agama anyar tapi manéhna mikawanoh ogé filsafat Yunani anu dianggap sumber kawijakan anu henteu diragukeun bebeneranana.
Filsafat kulon abad pertengahan (476-1492) ogé bisa disebut “abad gelap ”. pamadegan éta dumasar kana pendengaran sajarah geréja.
Ciri-ciri pamikiran filsafat kulon abad pertengahan nya éta :
·         Cara mikir filsafatna dipingpin ku geréja
·         Mikir filsafat aya dina lingkungan ajaran aristoteles
·         Mikir filsafat ku pitulung Augustinus jeung sajabana
Mangsa abad pertengahan ieu dibagi jadi 2 mangsa nya éta : mangsa patristik jeung mangsa skolastik. Mangsa skolastik dibagi jadi : Skolastik Awal, Skolastik Puncak, jeung Skolastik Akhir.

2.1   MASA PATRISTIK
Istilah patristic asalna tina kecap latén “patér” atawa bapa, nu hartina para pamingpin geréja. Ieu para pamingpin geréja teh dipilih ti golongan luhur golongan ahli mikir. Ti golongan ahli mikir ieu nu matak nimbulkeun sikep nu réa pamikirannana. Maranéhna aya nu narima jeung nolak filsafat Yunani.
     Pikeun nu nolak, alesanna sabab maranéhna nganggep yén geus miboga sumber bebeneran nya éta firman Tuhan, jeung teu dibenerkeun lamun néangan sumber séjén misal filsafat Yunani. Sedengkeun pikeun nu narima, alesanna nganggap yén sanajan geus aya sumber bebeneran nya éta firman Allah, tapi teu salah lamun ngagunakeun filsafat Yunani, ngan saukur tata cara mikirna waé. Sarta, sanajan filsafat Yunani sabagé bebeneran manusa, tapi manusa ogé ciptaan Tuhan. Jadi maké atawa narimana filsafat Yunani di ijinan salila teu nyimpang ti agama.
     Perbedaan sawangan éta téh sinambung, nepi ka jelema-jelema anu narima filsafat Yunani nuduh yén jalma (jelema Kristen nu nolak filsafat Yunani) téh munafik. Saterusna jalma-jalma nu di tuduh munafik téh  teungaku yén tuduhan éta dianggap fitnah.Pembelaan nu nolak filsafat Yunani nyanggem yén manéhna nu bener-bener hirup sajalan jeung gusti.
     Akibatna ngayakeun tarékah pikeun ngabéla agama Kristen, nya éta para apoligis  (nu ngabéla iman Kristen) ku kasadaranana ngabéla iman Kristen tina para apologis éta téh, nya éta Justinus Martin, Iranaeus, Klemes, Origines, Gregorius Nissa, Tertullianus, Diosios Arepagos, Au-Relius Augustius.
a.  Justinus Martir
Ngaran aslina nya éta Justinus, saterusna ngaran martir dicokot tina istilah “jalma-jalma nu réla paéh pikeun kapercayaana. ”Numutkeun pamadegana, agama Kristen téh lain agama anyar sabab Kristen leuwih kolot ti filsafat Yunani, jeung nabi Musa dianggap awal datangna agama Kristen. Padahal, Musa hirup sacara Socrates jeung Plato.
b. Klemes (150-215)
Manéhna kaasup jalma nu ngabéla Kristen ogé, tapi teu nolak filsafat Yunani. Pokok-poko filsafat nya éta:
1. Méré  watesan-watesan kana ajaran Kristen pikeun mertahankeun diri tina otoritas filsafat.
2. Merangan ajaran nu anti kana ajaran Kristen maké filsafat Yunani.
3. Pikeun jalma Kristen, filsafat bisa di pakeun ngabéla iman Kristen. Jeung mikirkeun sacara jero.
c.  Tertullianus (160-222)
Manehna dilahirkeun ti keluarga Kristen tapi saenggeus ngalaksanakeun tobat manéhna sumanget ngabéla Kristen sacara fanatik. Manéhna nolak filsafat yunani sabab dianggap teu perlu, keur manéhna wahyu ti Gusti ogé geus cukup. Eweuh hubungan antara teologi jeung filsafat, eweuh hubungan antara Yesusalem (pusat agama) jeung yunani (pusat filsafat), eweuh hubungan antara geréja jeung akademi, sarta eweuh hubungan antara Kristen jeung panimuan anyar.
Saterusna manéhna nyarita yén di banding cahaya Kristen, sakabéh nu di omongkeun ku Filsafat Yunani téh dianggap teu penting naon-naon nu diomongkeun ku Filsuf Yunani ngeunaan bebeneran hakékatna mah ngutip tina kitab suci.
Tapi beuki lila, Tertullianus narima filsafat Yunani, digunakeun pikeun cara mikir nu nasional. Alesana, sakumaha ogé mikir nasional téh penting pisan. Hartina, pamikiran filsafat nu di harep henteu di lakukeun, filsafat ngan ngajarkeun pamikiran-pamikiran ahlipikir Yunani waé. Jadi, Tertullianus nempo filsafat ngan diménsi praktis waé, jeung manéhna narima filsafat téh pikeun cara atawa metode mikir bebeneran kaayaan Tuhan sarta sifat-sifatna.
d. Augustinus (354-430)
Timimiti ngora manéhna geus diajar rupa-rupa aliran filsafat, diantarana platonisme jeung skeptisisme. Manéhna di aku kasuksesana dina ngabentuk filsafat Kristen anu miboga pangaruh gedé kana filsafat abad pertengahan. Ku kituna manéhna miboga gelar guru skolatik anu sajati. Manéhna salasahiji tokoh dina widang teologi jeung filsafat.
Sanggeus maham aliran skeptisisme, tuluy manéhna henteu nyatujuan éta aliran, kusabab dijerona aya pertentangan batiniyah.
Numutkeun pamadeganana, daya pamikiran manusa aya watesanna. Tapi pikiran manusa bisa ngahontal bebeneran jeung kapastian nu eweuh watesanana anu sifatna abadi.ahirna, ajaran augustinus suksés ngawasa sapuluh abad jeung mangrhan pamikiran Eropa.
2.2  MASA SKOLASTIK
            Istilah skolatik nya éta kécap sifat anu asalna tina kata school nu hartina sakola.Jadi skolatik téh nya éta aliran anu aya pakuat kaitna jeung sakola.
Sababaraha wangenan ngeunaan corak khas skolatik
a.  Filsafat skolastik nya éta filsafat nu miboga corak ngeunaan agama. Skolastik ieu dijadikeun bagian tina kabudayaan abad pertengahan nu religius.
b.  Filsafat skolastik nya éta filsafat nu ngabdi kana teologi atawa filsafat nu rasional ngaréngsékeun kana pasualan-pasualan ngeunaan hadé goréng tina rumusan muncul istilah skolastik Yahudi,skolatik Arab,jrrd.
c.  Filsafat skolastik nya éta hiji sistem filsafat anu kaasup jajaran pangaweruh alam kodrat. Rek di asupkeun kana rupa nu sintesis anu leuwih luhur antara kapercayaan jeung akal.
d. Filsafat skolastik nya éta filsafat Nasrani sabab loba di pangaruhan ku ajaran gereja.
Kamekaran filsafat skolastik di pangaruha ku sababaraha faktor
1.  Faktor réligius
Nu dimaksud faktor religius nya éta kaayaan lingkungan dina mangsa éta ngabogaan panghirupan réligius.
2.  Faktor ilmu pangaweruh
Mangsa harita geus réa lembaga pangajaran nu di upayakeun  ku biara-biara, gereja, atawa ti kulawarga istana.
Masa skolastik dibagi jadi 3 periode,nya eta:
a.    Skolatik awal lumangsung ti taun 800-1200
Ti mimiti abad ka-5 népi ka abad 8 maséhi, sawangan filsafat patristik mulai ngurangan. Leuwih-leuwih dina abad ka-6 jeung ka 7 di sébut abad kacau. Ieu disébabkeun lantaran harita aya serangan ka Romawi nu nyébabkeun karajaan Romawi harita runtuh anu geus di jieun saabad-abad.
Nalika abad ka-8 maséhi, kakuasaan aya di karél Agung (742-814) bisa méré suasana katenangan dinu widang politik, kabudayaan jeung pangaweruh kaasup ogé kahirupan manusa sarta pamikiran filsafat anu nembongkeun  mulai aya kamajuanana.
Tokoh-tokohna nya éta Aquinas (785-805), Johannes Scotes Eriugena (815-870), Peter Lombard (1100-1160),John Salisbury (1115-1180).
b.    Skolastik puncak lumangsung ti taun 1200-1300
Mangsa ieu mangrupa kajayaan skolastik anu lumangsung ti taun 1200-1300 . Eta masa ditandaan ku ayana universitas-universitas jeung ordo-ordo anu babarengan ngayakeun atawa ngamajukeun élmu pangaweruh. Salian ti éta, universitas minangka sumber atawa pusat élmu pangaweruh jeung kabudayaan.
Sababaraha faktor masa skolastik ngahontal puncakna
v  Ayana pangaruh ti Ariostoteles , Ibnu Rusyd, Ibnu Sina ti mimiti abad ka 12. Sahingga abad ka 13 geus tumuwuh jadi élmu pangaweruh anu lega.
v  Taun 1200 di adegkeun Universitas Almamater di Prancis, Universitas ieu mangrupa gabungan ti sababaraha sakola.
c.    Ngadegna ordo-ordo
Ordo-ordo ieu téh nu aya kusabab lobana nu merhatikeun kana élmu pangaweruh anu nimbulkeun dorongan anu kuat pikeun méré suasan ka abad 13. Kaayaan ieu mangaruhan ka kahirupan karohanian di mana loba tokoh-tokoh anu nyekel peran di widang filsafat jeung teologi, saperti Albertus de Grote, Thomas Aquinas, Binaventura,  J.D.Scotus, William Ocham.

Tarékah Kristenisasi Ajaran Aristoteles
            Awal namah sabagéan ahli mikir anu mawa jeung neruskeun ajaran Aristoteles, tapi tarékah ieu meunang perlawanan ti Augustinus. Hal ieu disebabkeun ayana anggapan yén ajaran Aristoteles dipikanyaho dina abad ka-12 geus di olah jeung kapangaruhan ku ahli mikir Arab (Islam). Hal ieu dianggap ngabahayakeun ajaran Islam.
            Pikeun ngahindaran kana kaayaan anu mangaruhan di luhur, (ti ahli mikir arab atawa Islam),Albertus Magnus jeung Thomas Aquinas ngahaja ngaleungitkeun unsur-unsur ti Ibnu Rusyd, kalawan nerjemahkeun langsung  ti Bahasa Latin na. Sarta bagian-bagian ajaran Aristoteles anu kaluar tina ajaran Kristen di ganti ku téori-téori anyar anu sumberna tina ajaran Aristoteles disaluyukeun jeung ajaran Kristen.
            Salian Biaragawan, Albert Magnus ogé di kenal ménak. Abad pertengahan manéhna lahir dibéré ngaran Von Bollstandt anu dikenal “dokter uiversalis”, saterusna ngarana jadi Alberus Magnus (Albert The Great). Di universitas Padua manéhna diajar artés liberatesru, élmu-élmu pangaweruh alam, kedokteran, filsafat Aristoteles, téologi di Bulogna, jeung asup ordo Dominican taun 1223, saterusna asup ka Koln jadi dosén filsafat jeung teolgi.
            Pamungkas, manéhna diangkat jadi uskup agung. Pola pamikirana nurutkeun Ibnu Rusyd dina nulis ngeunaan Aristoteles. Dina widang élmu pangaweruh, manéhna ngayakeun panaluntikan dina élmu biologi jeung élmu kimia.

Thomas Aquinas (1225-1274)
Ngaran aslina nya éta Santo Thomas Aquinas, anu hartina Thomas anu suci ti Aquinas. Salian ahli mikir, manéhna ogé dokter geréja bagsa Italia. Manéhna dilahirkeun di Rocca Seca, Napoli, Italia. Manéhna mangrupakeun tokoh gedé Skolastisisme, jalma suci geréja Katolik Romawi jeung anu ngadegkeun aliran anu dinyatakeun jadi filsafat resmi geréja Katolik. Taun 1245 manéhna di ajar ka Albertus Magnus. Taun 1250 manéhna jadi guru élmu agama di Prancis jeung taun 1259 jadi guru panaséhat istana Paus.
Karya Thomas Aquinas parantos nandaan taraf anu luhur ti aliran Skolastisisme ti abad pertengahan.
Manéhna ngusahakeun pikeun ngabuktikeun yén iman Kristen sacara pinuh bisa di benerkeun jeung pamikiran anu logis. Manéhna geus narima sawangan Aristoteles jadi otoritas luhur ngeunaan pamikiran anu logis.
Numutkeun pamadegana, kabéh kabenerean asalna ti Tuhan. kabebeneran di ungkapkeun kujalan anu béda-béda, sedengkeun iman ngajalan di luar sawangan manéhna. Manéhna méré nyaho yén manusa téh kudu mikanyaho hukum alamiah (pangaweruh) anu diungkapkeun dina kapercayaan. Teu aya kontradiksi antara pamikiran jeung iman. Kabéh kabeneran ngamimitian jeung pamikiran aya sacara katuhanan anapon iman di kedalkeun ngaliwatan sababaraha kabeneran anu aya di luar kakuatan pamikiran.
Thomas nafsirkeun sawangan yén Tuhan mangrupa Tuhan Boyong nu teu bisa rubah jeung teu miboga pangaweruh ngeunaan kagoréngan-kagoréngan di dunya. Tuhan teu pernah nyiptakeun dunya, tapi zat jeung pamikiran tetep abadi.
Saterusna manéhna nyanggem yén iman leuwih luhur ayana  jeung aya di luar pamikiran anu ngeunaan sifat Tuhan jeung alam dunya. Ayana poko masalah anu nyata jeung singket tina gagasana nya éta “pamikiran jeung kapercayaan geus nimukeun kabeneran nu geus tangtu nu kudu ditarima ku manusa-manusa séjéna”. Sawangana ieu nu di jadikeun perlawanan kaum Protestan kusabab sikepna anu otoriter.
Thomas sorangan ogé sadar, yén teu bisa ngaleungitkeun  unsur-unsur Aristoteles. Sampé manéhna ngagunakeun ajaran Aristoteles  di barengan ku kawijakan pimpinan geréja Paus Urbanus V (1366) anu méré angin seger pikeun kamajuan filsafat. Saterusna, Thomas ngayakeun langkah-lankah saperti kieu:
v Thomas maréntah babaturan saaliran Willem van Moerbeke pikeun nyieun terjemahan anyar nu langsung ti Yunani. Hal ieu pikeun ngalawan Aristotelialisme anu miboga orientasi ka Ibnu Rusyd, usaha ieu di dukung ku Siger van Brabant.
v Ajaran Kristen Aristoteles ti jero. Bagian-bagian anu teu saluyu jeung naon nu dianggap Kristen teu saluyu salaku firman Aristoteles, tapi diusahakeun sarua jeung ajaran Kristen.
v Ajaran Aristoteles anu geus di Kristenkeun di paké pikeun ngajieun sintésis anu leuwih nyorak kana ilmiah (sintésis déduktif antara iman jeung akal). Sistem anyar pikeun nyusun summa Theologiae.

3.    Skolatik akhir
Mangsa ieu ditandaan ku ayana rasa bosen kana sagala rupa pamikran filsafat anu janten kiblatna sangkan némbongkeun stagnasi. Di antara tokoh-tokohna nya éta William Ockham (1285-1349), Nicolas Cusasus (1401-1464).



William Ockham (1285-1349)
Manéhna mangrupa ahli mikir anu miboga alira  skolastik. Sabab ilu biung dina partempuran umum jeung Paus John XXII, manéhna di penjara di Alvignon, tapi manéhna bisa kabur jung néangan panyalindungan ka kaisar Louwis IV. Manéhna nolak ajaran Thomas jeung ngadalilkeun yén kanyataan téh saukur aya dina barang anu hiji-hiji, jeung hal anu umum tandana absrtak.
Numutkeun pamadegana, pamikiran manusa ngan bisa nganyahokeun kajadian anu séwang-séwangan. Konsép-konsép atawa kasimpulan umum ngeunaan alam anu mangrupakeun abstraksi jieunan henteu nyata. Pamikiran saperti kitu, bisa di liwatan ngaliwatan intuisi , lain ngaléwatan logika. Di sisi séjén, manéhna nolak anggapan skolastik yén logika bisa ngabuktikeun dokrin teologis. Hal ieu bisa mawa bangbaluh pikeun dirina anu dina waktu éta jadi panguasa Paus Jhon XXII.

Nicolas Cusasus (1401-1464)
            Manéhna anu jadi tokoh pamikir anu aya paling ahir mangsa skolastik. Numutkeun pamadegana, ngabogaan tilu cara pikeun mikanyaho, nya éta ngaliwatan indra, akal, jeung instituisi. Ku indra urang bisa ngabogaan pangaweruh ngeunaan barang basajad, anu sifatna teu sampurna. Ku akal urang bisa ngabogaan wangun wangénan anu abstrak dumasar kana kaayaan anu tangkap indra. Ku institusi, urang bisa ngabogaan pangaweruh anu leuwih luhur. Ngan ku institusi ieu urang bisa ngahijikeun naon anu ku akal teu bisa di hijikeun. Manusa kudu sadar kana kawatesanan akal, ku kituna loba akal nu kudu di pikanyaho. Kusabab kawatesan akal éta, ngan saeutik nu bisa dipikanyaho ku akal. Ku institusi ieu di pikaharep bisa nepi kana kanyatana,nyaeta hiji tempat dimana hiji hal bentukna jadi eweuh,nyaeta Tuhan.
            Pamikiran Nicolaus ieu ngajadikeun upaya ngahijikeun sakabéh  pamikiran abad pertengahan, anu di jieun kana hiji sintésis anu leuwih luas. Sintésis ieu ngarah kana
Mangsa kaharep. Sintésis ieu ngarah ka mangsa kahareup, ti pamikiran ieu kasawang pamikiran para humanis.

4.      Skolastik Arab(Islam)
                 Dina bukuna, Hasbullah Bakry nerangkeun yén istilah skolastik Islam jarang di paké di kalangan umat Islam. Istilah anu bisa di paké nya éta élmu kalam atawa  filsafat Islam. Dina ngabahas antara élmu kalam jeung élmu filsafat Islam biasana di pisahkeun.
                 Tokoh-tokoa anu kaasup kana para ahli pikir Islam (pamikir Arab atawa Islam dina mangsa skolastik), nya éta Al-farabi, Ibnu Sina, Al-Kindi, Ibnu Rusyd. Peranan para ahli pamikir, nya éta:
v  Nepi ka abad pertengahan abad ka-12 jalma-jalma Barat tacan pernah ngenal filsafat Aristoteles sangkan anu  di kenal ngan buku Logika Aristoteles.
v  Jalma-jalma Barat éta ngenal Aristoteles ku cara tulisan ti para ahli pamikir Islam, utamana ti Ibnu Rusyd anu nyebabkeun Rusyd di kedalkeun jadi guru para ahli pikir Skolastik Latin.
v  Skolastik Islam anu ngabawa perkembangan Skolastik Latin.
            Henteu sakabéh pamikiran dina filsafat hungkul, tapi para ahli pikir Islam méré sumbangan anu henteu leutik pikeun Eropa nya éta dina widang élmu pangajaran. Para ahli pikir Islam sawatara nganggep yén filsafat Aristoteles bener Plato jeung Al-quran bener maranéhna ngayakeun adumanis jeung sinkrétismé antara agama jeung filsafat. Pamikiran-pamikiran éta anu salajengna asup ka Eropa anu mangrupakeun sumbangan pang gedéna.
            Ku kituna, dina ngabahas skolastik Islam dibagi jadi dua periode, nya éta:
v Période Mutakalimin (700-900)
v Période Filsafat Islam (850-1200)
       Loba buku filsafat jeung sajenisna ngeunaan para ahli pikir Islam ngeunaan kamajuan jeung paradaban Barat dihaja di samunikeun kusabab manéhna (Barat) teu ngaku sacara langsung jasa para ahli pikir Islam éta ngeunaan nganteurkeun kamajuan kemoderenan Barat.

2.3 Masa Peralihan
            Saeunggeus abad pertengahan réngsé nepi ka mangsa peralihan anu di eusi ku gerakan kerohanian anu sifatna ngarobah. Jaman peralihan ieu mangrupa embrio mangsa modérn. Mangsa peralihan ieu di tandaan ku ayana Rénaissance, humanisme, jeung reformasi anu lumangsung antara abad ka-14 nepi ka-16.
Rénaissance
Rénaissance atawa dilahirkeun deui di Eropa ieu mangrupakeun hiji gelombang  kabudayaan jeung pamikiran nu di mimitian di Italia, di teruskeun di Prancis, Spanyol jeung salajengna nepi bisa nyebar ka sakabéh Eropa. Diantara tokoh-tokohna, nya éta Leonardo da Vinci, Michelangelo, Machiavelli, jeung Giardano Bruno.
Humanisme
Humanisme di mimitian di paké sabagé jati diri di kalangan ahli pikir Renaissancé anu fokus kana pangajaran kesusastraan Yunani jeung Romawi, satra kamanusaan. Salajengna, humanisme ngubah fungsina jadi gerakan pikeun ngaleupaskeun beungkeutan ti geréja jeung ngusahakeun sangkan manggihan deui sastra Yunani atawa Romawi. Diantara para tokohna nya éta Boccaccio, Petrarcus, Lorenco Vallia, Erasmus, jeung Thomas Morre.
Réformasi
Reformasi mangrupakeun révolusi kagamaan di Eropa Barat dina abad ka-16. Réfolusi dimimitian tina gerakan ngeunaan parobahan kaayaan geréja Katolik. Salajengna mekar jadi asas-asas Protestantismé. Para tokoh diantarana  Jean Calvin jeung Martin Luther.
Ahirna dina filsafat Rénaissance salah sahiji unsur pokona nya éta pamikiran anu sajajar jeung rénaissance. Pamikiran anu hayang nempatkeun manusa dina tempat anu sentral pikeun udagan kahirupan.

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

4 komentar:

Anakciremai mengatakan...

Tah kitu diajar ngeblogna,, LANJUTKAN... makalah basa sunda tentang macana tos di posting di dieu http://www.anakciremai.com/2011/12/makalah-teori-maca-basa-sunda.html

Anakciremai mengatakan...

Tah kitu diajar ngeblogna,, LANJUTKAN... makalah basa sunda tentang macana tos di posting di dieu http://www.anakciremai.com/2011/12/makalah-teori-maca-basa-sunda.html

Anakciremai mengatakan...

Ke diajaran beh bisa dapet duitna... hiiiii

eonkjuyek mengatakan...

okeh masbro... doakeun we sing rajiiin posting

Posting Komentar